Tuesday, January 20, 2009

Proud To Using Bahasa Sunda


Sigana teu mantes lamun asal usul jeung profil ti Bandung tapi teu make basa Sunda, sabab Bandung teh ayana di Ja wa Barat, salah sahiji kota dimana popularitasna dominan ku suku Sunda. Leresna mah Jawa Barat teh ide ntik jeung suku Sunda. Tapi bisa oge ketang ku suku nu laen. Da aslina oge aing mah lain urang sunda. Nini jeung aki aing lain urang Sunda. Tapi kusabab simkuring dilahirkeun jeung gede diBandung, jadi we simkuring jadi urang sunda. Simkuring mah bangga bisa jadi bagian tina urang Sunda, komo deui jadi wargi Bandung. Bahasa sunda teh mangrupa salah sahiji bagian tina kabudayaan daerah anu kedahna teh dilestarikeun. Tapi jaman ayeuna mah geus seu'eur kapangaruh ku bahasa lain, sanajan kitu, tetep keneh tiasa bertahan. Da simkuring oge teu saratus persen ngarti basa Sunda, sababna, basa Sunda teh dipakena beda-beda, kumaha objek jeung subjekna nu makena. Komo simkuring mah rada hese lamun ngobrol jeung nu leuwih kolot, sabab kanu leuwih kolot mah bahasana teh kedah lemes. Sapopoe nongkrongna jeung barudak nu sapantaran, jadi we basa lemesna rada amburadul. Leresna mah kedahna dianggo unggal dinten bahasa lemes teh, ameh tiasa apal. Pas nulis ieu oge, urang mah rada ribet, papuket jeung rieut nuliskeunana, jadi we campur nu lemes jeung nu kasar teh jadi hiji. Keun lah, bisa dimaklum..hehehehe..ngaranna oge budak ngora. Nyahona nu rada kebarat-baratan siga rock 'n roll kitu lah, pokona mah samomodel nu kararitu.

Dina basa sunda teh nu ngarana barang hakan oge rea alternatipna, rek make nu mana. Sok bayangkeun ku maraneh, aya "Dahar", "Neda", "Tuang", "Lolodok", "Nyatu", jeung aya deui nu laenna, urang oge poho naon deui lantaran ku lobana (sok atuh tambahan deui). Jang nyebutkeun diri sorangan oge teu ngan hiji kata hungkul, teu siga tatangga nu boga "lo" jeung "gue" tea, di sunda mah rea, contona: "urang", "aing", "simkuring", "pribados", "abdi" jeung aya nu laen deui sigana mah, ngan urang pas nulis didieu poho, nu apal sok tambahan deui. Kusabab kitu, teu kabeh bisa kanyahoan kata-katana teh, lamun jawaban ti mas sastro mah "Cumu'un, da urangna teh teu ngartos kabeh" bari make aksen/logat jawa tea (eta naon sih anjing, "aksen" basa sundana teh?? punteun aink poho deui euy..hehehehe)
Tah eta kabeh nu sok nyieun simkuring resep make basa sunda, kulantaran reana alternatip nu tiasa diangge, diluar eta aya keneh kata-kata nu aneh nu sebenerna mah euweuh dinu basa Sunda aslina. Ayeuna simkuring teu linggih diBandung keneh, biasana make bahasa nu laen, tapi sok kaleupasan ku bahasa sunda tea, da meureun geus kabiasaan make basa sunda jeung letahna geus letah sunda tea.
Ieu punten pisan kanggo baraya nu teu ngarti ku naon nu simkuring serat didieu. Sanes kirang sono, tapi da rek kumaha deui. Asa teu lengkap lamun teu aya atawa euweuh basa sundaan dinu blog urang, da urang mah teu goblog-goblog amat sanajan rada blegug oge (rada mah rea hanteuna)..hehehehe...Jant
en dupi hoyong masihan komen mah, lamun tiasa ngangge basa sunda oge. Kaleresan kanggo baraya nu teu ngartos, teras hoyong diajar oge hayu jeung simkuring mah. Ngan nya eta, basa Sunda teh teu babari nu aslina. Urang oge nulis didieu campur-campur kieu bahasana. ah anjing paduli pisan lah..hahay!!

1 comments:

jual rumah limasan on 10:22 AM said...

rumah dijual murah, harga mulai 20 jutaan, bahan kayu jati kuno, info lengkap silahkan hubungi 08179442249

 

+dimanaanakku+ Copyleft © 2009 AllFight Deserved | WoodMag is Designed by Ipietoon and Modified by Yafet St. OfGod